KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas XI minggu ke-4. Materi : BAB VIII Warta (Berita). SMKN Pancatengah.

Kecap warta téh ngandung harti béja, béwara, atawa informasi. Nepikeun warta hartina nepikeun béja. Kecap warta asalna tina basa Sansekerta, nya éta béja atawa kabar berita. Hidep kungsi ngadéngé kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneuh dina waktu nu geus ditangtukeun , upamana poéan, mingguan, bulanan. Kalawarta ogé bisa dihartikeun koran, majalah, atawa tabloid. Kiwari mah warta téh leuwih laluasa tur leuwih canggih ditepikeunana téh, sajaba ti koran, majalah, tabloid, radio, televise, telepon, ogé geus bisa dibandungan dina internet. Basa nu dipaké pikeun nepikeun warta aya nu ngagunakeun basa Sunda ragam loma, ogé aya nu ngagunakeun ragam lemes. Éta basa nu dipaké pikeun nepikeun warta, boh lisan boh tulisan kudu babari jeung kaharti ku nu bakal narimana. Tujuan nepikeun warta téh rupa-rupa, di antarana pikeun nepikeun béja, pangajak, iklan, propaganda atawa promosi, jeung sajabana. Ku lantaran tujuanana rupa-rupa, nya istilahna ogé rupa-rupa deuih. Nilik dumasar cara nepikeunana mah warta téh dibagi jadi sababaraha wanda, nyaéta straight news, depth news, soft news, feature, jeung reportase
Straight news atawa warta langsung, nyaéta warta anu dipidangkeun dumasar kajadian nu sabenerna, teu ditambahan atawa dikurangan kalawan ngagunakeun basa nu lugas ngarah babari kahartina ku nu narima. Éta warta samodél kitu téh sok disebut ogé hard news atawa spot news. 
Depth news nyaéta warta anu dipidangkeun sajaba ti nepikeun peristiwa nu sabenerna ogé sok ditambahan ku informasi séjénna nu mangrupa pakta nu aya patalina jeung peristiwa nu keur kajadian. 
Soft news atawa warta hampang mah teu ngutamakeun pentingna kajadian atawa raména warta, tapi leuwih mentingkeun kana aspék kamanusaanana (human interest). Ari nu disebut human interest nya éta warta anu ngajak mikir, nalar, ngarasa, atawa empati masarakat kana hiji peristiwa.
Feature, feature story, investigation news atawa warta kisah, nyaéta warta anu dilengkepan ku kasang tukang hiji kajadian tur dipidangkeunana ngagunakeun gaya basa anu matak nimbulkeun rupa-rupa rasa nu narima éta warta, upamana nimbulkeun rasa kataji, sedih, gumbira, nambah luang, wawasan, jeung humor. 
Reportase (interpretative news) nyaéta ngalaporkeun warta nu ditambahan ku pamanggih panalungtik/pangamat jeung sumber tinulis sangkan nu narima éta warta ngarasa sugema sabab meunang data, pakta, atawa informasi nu leuwih munel tur lengkep. Jalma atawa patugas nu nepikeun reportase sok disebut reporter.
Sajaba ti nu ditataan di luhur aya ogé nu sok disebut opinion news, nya éta warta nu dilengkepan ku pamadegan nu nulis kana hiji peristiwa nu keur kajadian. Midangkeun warta biasana merhatikeun prinsip piramida tibalik, nyaéta miheulakeun nepikeun hal-hal anu penting, nu sok disebut lead, sedengkeun bagian pedaran tambahanana atawa panglengkepna, sarta sok disebut body. Lalawanan tina piramida tibalik nyaéta piramida tegak, nyaéta midangkeun warta sacara kronologis. 

A. Warta Tulis
Warta anu ditepikeun ngagunakeun basa tulis biasana wangun médiana mangrupa koran (surat kabar), tabloid, atawa majalah. Midangkeun warta ku basa tulis, sajaba ti basana kudu merenah, ogé kudu merhatikeun kaidah-kaidah basa tulis, sabab upama salah ngagunakeun éta kaidah basa tulis bakal mangaruhan kana harti atawa maksud eusi warta nu ditepikeun.
Ieu di handap aya conto warta straight news hasil liputan nu dicutat tina média citak Majalah Manglé, Sep 2013. Pék tengetan ku hidep!

Nepikeun hiji warta téh dipandu ku sababaraha kecap pananya minangka kaidah nu aya dina jurnalistik, kayaning what, who, when, where, why, jeung how (5W + 1H).

Warta nu di luhur ogé dipandu ku kecap-kecap pananya di luhur, nyaéta naon, saha, iraha, dimana, kunaon, jeung kumaha lumangsungna warta nu sabenerna kajadian, kalawan teu ditambah atawa dikurangan. Warta nu wandana kitu téh disebutna straight news report, nyaéta nepikeun laporan ngeunaan hiji kajadian persis sakumaha nu kabandungan atawa fakta anu sabenerna, sarta ditulis ku basa nu singget tur basajan. Hég geura tengetan deui ku hidep conto warta hasil liputan nu dicutat tina média citak Koran Pikiran Rakyat, Okt 2013 ieu di handap
Conto warta nu kadua di luhur mah kaasup kana kelompok depth news, nya éta sajaba ti nepikeun warta nu sabenerna téh dimekarkeun deui ku nu ngalaporkeunana sangkan leuwih jelas jeung leuwih lengkep nepina ka nu maca. 

Klik link dihandap ieu, kanggo ngerjakeun Tugas Minggu ka -4 Mapel B. Sunda XI.


Sumber : Buku Pamekar Diajar Basa Sunda pikeun murid Kelas XI. Kurikulum 2013.

Comments

Popular posts from this blog

KBM & Penugasan Online B. Sunda XI Minggu ke 6, Materi : BAB VIII Warta, untuk kelas XI TKJ A,B & C. SMKN Pancatengah.

KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas X minggu ke-4. (X TKJ B,C dan X BDP A,B).