KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas X minggu ke-4. (X TKJ B,C dan X BDP A,B).
KBM Minggu ke-4 .
FIKSIMINI SUNDA
FIKSIMINI SUNDA
Pangajaran samemehna hidep kantos diajar tentang karya sastra tulis nyaeta carpon. Dina materi BAB ieu, lianti carpon aya deui carita anu leuwih pondok. Ngaranna fiksimini. Éta istilah téh tina basa Inggris: mini fiction. Lantaran karanganana anu pondok pisan (aya nu diwangun
kurang ti 300 kecap, malah aya nu kurang ti 50 kecap) sok disebut ogé micro fiction, flash fiction, jeung five minute fiction. Biasana tungtungna téh ngandung rénjagan atawa dipungkas ku hal anu teu disangka-sangka. Ku hal éta fiksimini sok disebut ogé sudden fiction (fiksi ujug-ujug).
Ieu wangun karangan téh mimiti populér sabada Nunu Nazarudin Azhar nyieun grup fiksimini Sunda dina ramatloka facebook, taun 2011. Réa anu nulis fiksimini Sunda di dinya malah aya anu geus dibukukeun.
Nepi ka taun 2013, teu kurang ti 10 judul buku fiksimini Sunda anu geus diterbitkeun. Singhoréng, galagat resep nulis jeung maca fiksimini téh lain di urang baé. Katompérnakeun, fiksimini populér di mana-mana, kaasup di mancanagara. Sigana baé, wangun fiksimini cocog keur kahirupan manusa kiwari anu sarwa sibuk
jeung sarwa hayang ringkes.
Ieu di handap sawatara conto fiksimini Sunda nu
kungsi ditulis dina grup fiksimini Sunda di ramatloka facebook. Tiluanana dicutat tina www.fikminsunda.com.
Titénan geura!
Sapertos kitu conto fiksimini sunda teh. Dina penugasan online mingon ka-4 ayeuna hidep bakal diajar nganalisis sababraha hal penting tina Fiksimini "Lebaran Aheng". Klik link dihandap kanggo tugasna!
Sumber materi : Buku Pamekar Diajar Basa Sunda (pikeun murid SMA/SMK/MA/MAK kelas X)
Comments
Post a Comment