Posts

Showing posts from April, 2020

KBM & Penugasan Online B. Sunda XI Minggu ke 6, Materi : BAB VIII Warta, untuk kelas XI TKJ A,B & C. SMKN Pancatengah.

Image
A. KBM BAB VIII Warta Dina pangajaran Warta samemehna hidep atos diajarkeun naon anu sabenerna anu disebut Warta teh, kecap warta téh ngandung harti béja, béwara, atawa informasi. Nepikeun warta hartina nepikeun béja. Kecap warta asalna tina basa Sansekerta, nya éta béja atawa kabar berita. Hidep kungsi ngadéngé kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneuh dina waktu nu geus ditangtukeun , upamana poéan, mingguan, bulanan. Kalawarta ogé bisa dihartikeun koran, majalah, atawa tabloid. Warta oge ngabogaan 2 jenis nyaeta (a) Warta Tulis, (b). Warta Lisan ; 1. Warta Tulis Warta anu ditepikeun ngagunakeun basa tulis biasana wangun médiana mangrupa koran (surat kabar), tabloid, atawa majalah. Midangkeun warta ku basa tulis, sajaba ti basana kudu merenah, ogé kudu merhatikeun kaidah-kaidah basa tulis, sabab upama salah ngagunakeun éta kaidah basa tulis bakal mangaruhan kana harti atawa maksud  eusi warta nu ditepikeun. 2. Warta Lisan

KBM & Penugasan Online B. Sunda X Minggu ke 6 Materi BAB VIII Guguritan untuk kelas X TKJ B,C dan X BDP A,B. SMKN Pancatengah.

Image
A. KBM Online Materi BAB VIII Guguritan Éling-eling mangka éling rumingkang di bumi alam darma wawayangan baé raga taya pangawasa mun kasasar lampah napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan Hirup urang téh wawayangan, raga urang taya pangawasa. Kitu ceuk puisi di luhur téh. Mun dihartikeun mah, hirup urang téh siga wayang nu diulinkeun ku dalang. Ari dalang urang nyaéta Gusti Nu Maha Kawasa. Hirup urang, paéh urang, aya dina kakawasaan Anjeunna.  Panjang kénéh éta puisi téh, jeung kawentar pisan, dalah nepi ka ayeuna. Pangpangna sempalanana anu dicutat di luhur. Éta téh saéstuna pada kahiji guguritan nu judulna “Lahir Batin” dina pupuh Asmarandana karangan R.A. Bratadiwidjaya, anu dikarang jaman saméméh perang. Nepi ka ayeuna gé, mun urang diajar pupuh Asmarandana, nya guguritan nu éta nu sok dipaké contona téh. Ayeuna urang diajar perkara guguritan. Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana téks-téks guguritan, padika-padikana, ngaanalisis pui

KBM & Penugasan Online B. Indonesia XI Materi BAB VIII Teks Drama

Image
A. KBM Online BAB VIII Teks Drama Pada BAB terakhir ini, kamu akan mempelajari dan mementaskan sebuah drama. Drama adalah sebuah cerita atau kisah yang menggambarkan kehidupan dan watak melalui tingkah laku acting atau dialog yang dipentaskan. Untuk membekali kemampuanmu, pada bab ini kamu akan belajar:  1. Mengidentifikasi alur cerita, babak demi babak, dan konflik dalam drama yang dibaca atau ditonton; 2. Mempertunjukkan salah satu tokoh dalam drama yang dibaca atau yang ditonton secara lisan; 3. Menganalisis isi dan kebahasaan dalam drama yang dibaca atau ditonton; dan 4. Mendemonstrasikan sebuah naskah drama dengan memperhatikan isi dan kebahasaan. Memahami Struktur Drama yang Dibaca atau Ditonton Sebagaimana jenis teks lainnya, drama terdiri atas bagian-bagian yang tersusun secara sistematis. Susunan bagian-bagian drama tersebut sebenarnya merupakan salah unsur drama pula, yakni yang biasa disebut dengan alur. Seperti juga bentuk-bentuk sastra lainnya, sebuah

KBM & Penugasan Online B. Indonesia kelas XI minggu ke-4. Materi : BAB VII Teks Resensi. SMKN Pancatengah.

Image
A. KBM Mapel B. Indonesia minggu ke-4 IDENTIFIKASI RESENSI Pada pembelajaran sebelumnya kalian telah memahami dasar dari pengertian Resensi yang sesungguhnya, resensi merupakan ulasan atau penilaian dan pembicaraan mengenai suatu karya baik itu buku, film, atau karya lainnya. Jadi intinya jika kita kita telah membaca sebuah teks resensi yang mengulas buku atau film, itu artinya kita telah membaca penilaian seseorang terhadap karya tersebut, baik itu kelebihan maupun kekurangannya. Hal-hal yang dapat ditanggapi dalam resensi ialah kualitas isi, penampilan, unsur-unsur, kebahasaan, dan manfaat bagi pembaca. Unsur-unsur atau sistematika yang terdapat dalam resensi diantaranya sebagai berikut ; 1. Judul Resensi 2. Identitas Buku/Film yang di resensi 3. Pendahuluan (memperkenalkan pengarang, tujuan pengarang buku, dan lain-lain) 4. Inti/isi Resensi 5. Keunggulan Buku/Film 6. Kekurangan Buku/Film 7. Penutup B. Tugas Mapel B. Indonesia minggu ke-4 Tentunya kalian telah menyimak

KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas X minggu ke-4. (X TKJ B,C dan X BDP A,B).

Image
KBM Minggu ke-4 . FIKSIMINI SUNDA Pangajaran samemehna hidep kantos diajar tentang karya sastra tulis nyaeta carpon. Dina materi BAB ieu, lianti carpon aya deui carita anu leuwih pondok. Ngaranna fiksimini. Éta istilah téh tina basa Inggris: mini fiction . Lantaran karanganana anu pondok pisan (aya nu diwangun  kurang ti 300 kecap, malah aya nu kurang ti 50 kecap) sok disebut ogé micro fiction, flash fiction, jeung five minute fiction . Biasana tungtungna téh ngandung rénjagan atawa dipungkas ku hal anu teu disangka-sangka. Ku hal éta fiksimini sok disebut ogé sudden fiction (fiksi ujug-ujug). Ieu wangun karangan téh mimiti populér sabada Nunu Nazarudin Azhar nyieun grup fiksimini Sunda dina ramatloka facebook, taun 2011. Réa anu nulis fiksimini Sunda di dinya malah aya anu geus dibukukeun. Nepi ka taun 2013, teu kurang ti 10 judul buku fiksimini Sunda anu geus diterbitkeun. Singhoréng, galagat resep nulis jeung maca fiksimini téh lain di urang baé. Katompérnakeun, fiks

KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas XI minggu ke-4. Materi : BAB VIII Warta (Berita). SMKN Pancatengah.

Image
Kecap warta téh ngandung harti béja, béwara, atawa informasi. Nepikeun warta hartina nepikeun béja. Kecap warta asalna tina basa Sansekerta, nya éta béja atawa kabar berita. Hidep kungsi ngadéngé kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneuh dina waktu nu geus ditangtukeun , upamana poéan, mingguan, bulanan. Kalawarta ogé bisa dihartikeun koran, majalah, atawa tabloid. Kiwari mah warta téh leuwih laluasa tur leuwih canggih ditepikeunana téh, sajaba ti koran, majalah, tabloid, radio, televise, telepon, ogé geus bisa dibandungan dina internet. Basa nu dipaké pikeun nepikeun warta aya nu ngagunakeun basa Sunda ragam loma, ogé aya nu ngagunakeun ragam lemes. Éta basa nu dipaké pikeun nepikeun warta, boh lisan boh tulisan kudu babari jeung kaharti ku nu bakal narimana. Tujuan nepikeun warta téh rupa-rupa, di antarana pikeun nepikeun béja, pangajak, iklan, propaganda atawa promosi, jeung sajabana. Ku lantaran tujuanana rupa-rupa, nya istilahna ogé rupa-rupa

Tugas B. Sunda (3) BAB VII Carita Pondok untuk Kelas X TKJ B,C & X BDP A,B. SMKN Pancatengah.

Dina pangajaran samemehna hidep tos rengse diajar mata pelajaran Basa Sunda ngeunaan hiji karya sastra sunda nu bentukna caritaan nyaeta Dongeng. Teu jauh beda jeung Dongeng, BAB VII nu ayeuna bakal dipelajari ku hidep sami sami materina tentang caritaan, mung dina dina pangajaran anu ieu caritana leuwih singget, sederhana, jeung populer atawa biasa disebut Carita Pondok (Carpon). Carita Pondok sok disingget Carpon. Asalna eta istilah tina bahasa inggris, short story. Dina basa Indonésia disebut cerita péndék. Nepika ayeuna carpon téh populér kénéh. Loba kénéh pangarang  anu ngarang wangun carpon, réa média massa anu méasih kénéh ngamuat carpon jeung réa kénéh masarakat anu maca jeung mikaresep carpon. Minangka karya sastra, carpon Sunda kabuktian geus ngébréhkeun rupaninga sosial masarakat Sunda. Boh kahirupanana, masalahna, bohangen-angenna. Aya sawatara carpon malah kaasup pinunjul tur dilelerh sastra. Hadé lamun urang réa macaan carpon Sunda, sangkan apal jero-jerona