KBM & Penugasan Online B. Sunda XI Minggu ke 6, Materi : BAB VIII Warta, untuk kelas XI TKJ A,B & C. SMKN Pancatengah.

A. KBM BAB VIII Warta



Dina pangajaran Warta samemehna hidep atos diajarkeun naon anu sabenerna anu disebut Warta teh, kecap warta téh ngandung harti béja, béwara, atawa informasi. Nepikeun warta hartina nepikeun béja. Kecap warta asalna tina basa Sansekerta, nya éta béja atawa kabar berita. Hidep kungsi ngadéngé kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneuh dina waktu nu geus ditangtukeun , upamana poéan, mingguan, bulanan. Kalawarta ogé bisa dihartikeun koran, majalah, atawa tabloid.

Warta oge ngabogaan 2 jenis nyaeta (a) Warta Tulis, (b). Warta Lisan ;

1. Warta Tulis
Warta anu ditepikeun ngagunakeun basa tulis biasana wangun médiana mangrupa koran (surat kabar), tabloid, atawa majalah. Midangkeun warta ku basa tulis, sajaba ti basana kudu merenah, ogé kudu merhatikeun kaidah-kaidah basa tulis, sabab upama salah ngagunakeun éta kaidah basa tulis bakal mangaruhan kana harti atawa maksud 
eusi warta nu ditepikeun.

2. Warta Lisan 
Warta nu ditepikeun sacara lisan bisa ngagunakeun media pengeras suara, radio, televisi, telepon, jeung sajabana.Upama warta ditepikeun langsung paaduhareupan jeung paregep kudu merhatikeun lentong jeung tatakrama basana. Warta nu ditepikeun ngagunakeun média radio leuwih ngutamakeun lentong. Réngkak jeung pasemon nepikeun warta dina radio mah moal katingali ku nu ngaregepkeun. Tapi, warta nu ditepikeun maké media televisi mah, salian ti lentong, pasemon ogé kudu ditalingakeun, sajaba ti kudu nempo kaméra salila nepikeun éta eusi warta.

B. Penugasan Online B. Sunda XI. BAB VIII Warta 

Hidep tangtu geus apal jenis jenis warta straight news jeung dept news, dihandap ieu aya 2 conto Warta, pek tengetan baca ku hidep kanggo ngerjakeun tugas anu aya dina Link dihandap! 

WARTA 1

WARTA 2

Klk Link dihandap kanggo ngerjakeun Tugas B. Sunda XI Minggu ke-6 . BAB VIII Warta.


Sumber :
- Buku Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMA/SMK/MA/MAK Kelas XI
-https://bukupaket.com

Comments

Popular posts from this blog

KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas XI minggu ke-4. Materi : BAB VIII Warta (Berita). SMKN Pancatengah.

KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas X minggu ke-4. (X TKJ B,C dan X BDP A,B).