KBM & Penugasan Online B. Sunda X Minggu ke 6 Materi BAB VIII Guguritan untuk kelas X TKJ B,C dan X BDP A,B. SMKN Pancatengah.

A. KBM Online Materi BAB VIII Guguritan


Éling-eling mangka éling
rumingkang di bumi alam
darma wawayangan baé
raga taya pangawasa
mun kasasar lampah
napsu nu matak kaduhung
badan anu katempuhan

Hirup urang téh wawayangan, raga urang taya pangawasa. Kitu ceuk puisi di luhur téh. Mun dihartikeun mah, hirup urang téh siga wayang nu diulinkeun ku dalang. Ari dalang urang nyaéta Gusti Nu Maha Kawasa. Hirup urang, paéh urang, aya dina kakawasaan Anjeunna. 

Panjang kénéh éta puisi téh, jeung kawentar pisan, dalah nepi ka ayeuna. Pangpangna sempalanana anu dicutat di luhur. Éta téh saéstuna pada kahiji guguritan nu judulna “Lahir Batin” dina pupuh Asmarandana karangan R.A. Bratadiwidjaya, anu dikarang jaman saméméh perang. Nepi ka ayeuna gé, mun urang diajar pupuh Asmarandana, nya guguritan nu éta nu sok dipaké contona téh.

Ayeuna urang diajar perkara guguritan. Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana téks-téks guguritan, padika-padikana, ngaanalisis puisi guguritan, sarta antukna muga-muga hidep bisa ngarang guguritan anu basajan.

1. Maca Téks Guguritan
Baca conto guguritan ieu di handap masing daria. Malah mun bisa nembangkeun pupuhna mah, alus mun ditembangkeun baé.


2. Mikawanoh Puisi Guguritan
Guguritan téh kagolong kana puisi, nyaéta wangun sastra nu kauger ku patokan-patokan. Conto puisi séjénna nyaéta sisindiran, jangjawokan, kakawihan, pupujian, jeung sajaba ti éta.
Ceuk Ajip Rosidi guguritan téh pangaruh ti Mataram, Jawa. Populérna jaman saméméh perang. Harita mah loba pisan karangan atawa buku guguritan anu terbit. Ku populér-populérna, nulis surat ogé jaman harita mah loba nu disusun maké guguritan. Tapi sabada aya sajak anu sok disebut puisi modérn, kabiasaan ngarang guguitan téh – atawa sok disebut ogé ngadangding – mimiti ngurangan. 
Parandéné kitu, sok aya kénéh anu ayeuna ngadang￾ding, boh keur muatkeuneun dina koran atawa majalah, boh keur bukukeuneun. Upamana aya buku Jamparing Hariring, kumpulan guguritan Dédy Windyagiri nu diterbitkeun taun 1991. Aya deui buku Guguritan Munggah Haji karangan Yus Rusyana nu terbit taun 1995. Dyah 
Padmini nulis buku Jaladri Tingtrim, nu terbit taun 2000.
Guguritan téh puisi nu dianggit maké patokan pupuh. Ari pupuh jumlahna aya 17, nu populér di antarana baé kinanti, asmarandana, sinom, dangdanggula, pangkur, mijil, jeung wirangrong. Éta nu 17 téh boga watek jeung patokan séwang-séwangan. Titénan tabélna.


Lian ti guguritan, karangan anu disusun maké patokan pupuh téh aya deui, nyaéta wawacan. Bédana, guguritan mah siga sajak, pondok baé jeung biasana ditulis dina hiji atawa dua pupuh, ari wawacan mah panjang jeung ngalalakon siga novel. 
Pupuh nu digunakeunana dina wawacan mah réa deuih, luyu jeung suasana carita. Malah mah jumlah padana ogé aya nu ngaratus atawa nepi ka mangrébu-rébu siga wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadiredja.
Tadi téa, guguritan mah siga sajak, pondok jeung umumna dianggit ku hiji pupuh baé. Eusina biasana ngébréhkeun pikiran, harepan, rasa, atawa angen-angen. 
Guguritan “Asih Indung” anu dicontokeun di luhur, upamana, ngébréhkeun harepan indung ka anakna. Ari patokan dangdingna kieu:

Nilik kana pola engang jeung sora tungtungna, tur lamun diluyuken jeung katerangan tabél di luhur, éta guguritan téh luyu jeung pola pupuh kinanti, anu polana patokanana 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, jeung 8-i. Naon sababna dikarang maké pola pupuh kinanti? Bisa jadi eusi guguritanana ngébréhkeun harepan indung nu dianti-anti ti putrana. Ku sabab nganti-nganti, nya dianggap cocog lamun dikarang maké pupuh kinanti.

B. Tugas Online Materi BAB VIII Guguritan

Hidep tangtu tos maca penjelasan  anu diluhur naon anu dimaksud guguritan jeung dibere conto hiji teks guguritan. Ayeuna hidep dipiwarang ngerjakeun tugas, ngajawab pananya pananya anu kaitana jeung guguritan. Pek klik Link tugasna dihandap ieu :


Sumber :
- Buku Pamekar Diajar Basa Sunda Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X
-https://bukupaket.com

Comments

Popular posts from this blog

KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas XI minggu ke-4. Materi : BAB VIII Warta (Berita). SMKN Pancatengah.

KBM & Penugasan Online B. Sunda XI Minggu ke 6, Materi : BAB VIII Warta, untuk kelas XI TKJ A,B & C. SMKN Pancatengah.

KBM & Penugasan Online Mapel B. Sunda kelas X minggu ke-4. (X TKJ B,C dan X BDP A,B).