Tugas B. Sunda (3) BAB VII Carita Pondok untuk Kelas X TKJ B,C & X BDP A,B. SMKN Pancatengah.
Dina pangajaran samemehna hidep tos rengse diajar mata pelajaran Basa Sunda ngeunaan hiji karya sastra sunda nu bentukna caritaan nyaeta Dongeng. Teu jauh beda jeung Dongeng, BAB VII nu ayeuna bakal dipelajari ku hidep sami sami materina tentang caritaan, mung dina dina pangajaran anu ieu caritana leuwih singget, sederhana, jeung populer atawa biasa disebut Carita Pondok (Carpon).
Carita Pondok sok disingget Carpon. Asalna eta istilah tina bahasa inggris, short story. Dina basa Indonésia disebut cerita péndék. Nepika ayeuna carpon téh populér kénéh. Loba kénéh pangarang
anu ngarang wangun carpon, réa média massa anu méasih kénéh ngamuat carpon jeung réa kénéh masarakat anu maca jeung mikaresep carpon.
Minangka karya sastra, carpon Sunda kabuktian geus ngébréhkeun rupaninga sosial masarakat Sunda. Boh kahirupanana, masalahna, bohangen-angenna. Aya sawatara carpon malah kaasup pinunjul tur dilelerh sastra. Hadé lamun urang réa macaan carpon Sunda, sangkan apal jero-jerona batin urang Sunda. Apan cenah karya sastra téh gambaran hirupna hiji bangsa. Tinangtu, mun réa macaan carpon Sunda ogé urang bisa loba nyaho ngeunaan kahirupan urang Sunda jeung masalah-masalah sosialna.
Dina ieu pangajaran hidep bakal diajar mikawanoh wangun carita pondok, ngaanalisis jeung mikapaham unsur-unsur caritana, sarta mugamuga ahirna bisa ngarang carpon nu basajan.
Dihandap ieu pek kerjakeun Tugas B. Sunda mingu ka-3 kanggo kelas X TKJ B,C & X BDP A,B !
Sumber : Buku Pamekar Diajar Basa Sunda K. 13 kelas X (SMA/SMK/MA/MAK)
Comments
Post a Comment