KBM & Penugasan Online B. Sunda XI Minggu ke 6, Materi : BAB VIII Warta, untuk kelas XI TKJ A,B & C. SMKN Pancatengah.
![Image](https://blogger.googleusercontent.com/img/b/R29vZ2xl/AVvXsEjoFCVXLICYcsRGURjLKZ4h0hNGnXXoGK7BjygQ1tfAHOMjZ2SFcwc0-Gs6nKrHgEnHQtV5cCsgFT3Wf_63exGX_nNHTgtKMU8DfNgYr-wzMjy93a4GF1bRkDSVWZkCKDDM9MOOq9wMutLC/s1600/Screenshot_2020-04-28-22-14-20_cn.wps.moffice_eng_1588086887363.jpg)
A. KBM BAB VIII Warta Dina pangajaran Warta samemehna hidep atos diajarkeun naon anu sabenerna anu disebut Warta teh, kecap warta téh ngandung harti béja, béwara, atawa informasi. Nepikeun warta hartina nepikeun béja. Kecap warta asalna tina basa Sansekerta, nya éta béja atawa kabar berita. Hidep kungsi ngadéngé kecap kalawarta? Kalawarta ngandung harti warta anu ditepikeun kalawan maneuh dina waktu nu geus ditangtukeun , upamana poéan, mingguan, bulanan. Kalawarta ogé bisa dihartikeun koran, majalah, atawa tabloid. Warta oge ngabogaan 2 jenis nyaeta (a) Warta Tulis, (b). Warta Lisan ; 1. Warta Tulis Warta anu ditepikeun ngagunakeun basa tulis biasana wangun médiana mangrupa koran (surat kabar), tabloid, atawa majalah. Midangkeun warta ku basa tulis, sajaba ti basana kudu merenah, ogé kudu merhatikeun kaidah-kaidah basa tulis, sabab upama salah ngagunakeun éta kaidah basa tulis bakal mangaruhan kana harti atawa maksud eusi warta ...